Rabu, 24 Maret 2010

PANGANTEUR TINEUNG

clip_image002[1]ATURAN TEPANG MUNGGARAN : Nepangkeun wasta Simkuring Ageung Permana kawit ti Bandung sarta dumuk ogé di Bandung (Jawa-barat, Indonésia); nya Kuring nu ngaheuyeuk ieu blog anyar wasta WidyaSunda.blogspot.com (lebah dieu hususna WidyaSunda.blogspot-Versi Sunda). — Salaku jalma anyar di dunya perblogan kalawan rada ati-ati tur semu kagok simkuring nyoba hayang midang kalawan dina sipat sakumaha ayana luyu jeung wanda-watek blog nu digunakeun di dieu.
        Ieu blog dingaranan WidyaSunda, nu hartina kurang-leuwih nyaéta “Pangaweruh ngeunaan Sunda”. — Widya tina basa Sangsekerta nu hartina pangaweruh atawa élmu-pangaweruh, sedengkeun Sunda tujul kana salasahiji jejer étnik di Nusantara (Indonesia dina pahartian étnograpis), nu sacara étno-géograpis ngancik di wilayah pulo Jawa bagian kulon jeung sabudeureunana. Eusina ngeunaan seluk-beluk hal alam, budaya, sajarah jeung élmubumi (géograpi) Sunda katut unak-anik sapuratina, kalawan minangka selingan di ditu-di dieu diwuwuh ku sajumlahing artikel ringkes sarupaning tutorial singget ngeunaan dunya blog sacara umum (babakuna dumasar kana luang-pangalaman sorangan jeroning icikibung dina dunya blog salila ieu). — Upama urang resep “logi-logian” kawasna WidyaSunda téh sawijiharti (homolog) jeung “Sundanologi” tapi dina pangartian séjén (sanés Sundanologi nu mirupa proyék kabudayaan ti badan/lembaga nu tangtu dina mangsa nu kaliwat). Lantaran aya patula-patalina jeung Sunda, jadi saha waé nu hayang uninga ngeunaan sapuratina hal Sunda (boh alamna, budayana, sajarahna jeung élmubumina) nya taya salahna ogé taya rugina pikeun ngersakeun ngungkab ieu blog. Ku hal éta ti anggalna sapantesna/sawajarna kuring ngahaturkeun nuhun ka sadaya paramitra. Dina hal ieu kuring yakin yén hal naon waé biasana sok tumuwuh kalawan mekar ku sabab ayana rojongan/pangdeudeul tina ilubiungna jalmaréa/balaréa.   
        Minangka rasa nyaah jeung resep kuring ka Sunda ieu blog téh seja ngagunakeun basa Sunda wungkul sagemblengna, kalawan pikeun ambahan nu leuwih lega (pikeun ka sakuliah dunya) dina sisi séjén ogé aya pérsi Indonésiana (dina WidyaSunda.blogspot.com versi Indonesia). — Terus-terang blog ngagunakeun basa-daérah téh (lebah dieu saperti ngagunakeun basa Sunda) saenyana rada hésé dina nalika narjamahkeunana kana basa-lian (boh kana basa nasional/basa Indonésia, boh kana basa Internasional saperti Inggris jeung sajabana; ma’lum saayeuna mah tacan aya alat panarjamah nu samapta pikeun hal éta); ku hal kieu jelas bakal aya hiji halangan (hambatan) pikeun jalmaréa di sakuliah dunya dina ngahartikeunana. Nya hal kieu nu matak ngahaja simkuring nyieun blog WidyaSunda téh dina 2 pérsi basa nu béda (Sunda jeung Indonésia). — Blog dina basa Indonésia mah kawilang gampang narjamahkeunana kana basa-séjén sacara internasional; pikeun hal ieu tiasa ngagunakeun alat panarjamah Google translator atawa Google translate.
        Ieu blog tiasa disebatkeun enya-enya anyar, tina kieuna teu mustahil seueur pisan kakuranganana (atuda kakara mucunghul dina awal taun 2010; najan ari diajar ngabaladahna mah tos ti ahir taun 2009 kénéh). Najan kitu muga-muga waé ieu blog anyar nu basajan téh bisa hirup-hurip kalawan sakumaha mistina. Lian ti éta mugia hadirna di satengahing raména jagat “Blogmanialand” téh ogé sing méré hal nu hadé atawa pangaruh positip pikeun urang sadayana (Amin !)

———————————————————

CATETAN : Ngeunaan Sundanologi coba sungsi dina situs : 

1 komentar:

Ageung Permana mengatakan...

Bade ngomentaran kumaha atuh da karosong keneh geuningan !!

Posting Komentar