Senin, 12 Oktober 2009

TEPUNG-GUNEMAN

Assalamuala'ikum, Sampurasun !

Haturan pikeun saha waé paramitra nu resep jeung seja ngalancarkeun basa Sunda ulah mangmang jeung asa-asa sumangga urang gunem-catur jeung simkuring pun Ageung Permana dina ieu blog Widyasunda (ku basa Sunda lugina nu teu ngamasalahkeun kana tahap-panta lemes-kasarna basa undak-usuk). Sugan ku jalan kieu (ku cara méré kalugiaan atawa kalaluasaan dina ngagunakeun basa) urang tiasa méré longkrang nu leuwih lega kana kamekaran basa Sunda; lian ti éta dina ieu rohang ogé urang tiasa silaturahmi bari sakalian ku ngagunakeun basa Sunda téa sacara langsung-teulangsung milu ngamumulé (ngaraksa jeung ngariksa) kana hirup-huripna basa jeung budaya Sunda nu jembar. — Hiji catetan : Najan ieu rohang guneman/obrolan merenahna ku basa Sunda tapi teu nutup kamungkinan pikeun ayana basa lian nu digunakeun (mangga waé; boh ku Sunda, Indonésia atawa Inggris jeung sajabana ogé , nu penting mah asal kaharti, kalawan ulah nu sipatna mirupa pitnah, spam, hal jorang/porno jeung hal-hal lian nu condong teu hadé ).
        Sakitu waé minangka pangjajap ti Pun Ageung Permana. Wilujeng tepung-guneman dina ieu rohangan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar